Laman

Jumat, 09 November 2018

DEMI WAKTU

Supados sehat rohani Kacida rugina jalma anu henteu bisa ngamanfaatkeun waktu. Dicandak tina alqur' an surat Al ASHR.kieu unggelna dina nadomna Dangukeuneun para wargi Nadoman surat wal ashri Demi waktu demi wanci Kitu pidawuh Nu Suci Waktu teh kalintang penting Waktu ti beurang ti peuting Waktu teh gancang ngaliwat Sakilat geus ngabelesat Waktu tara balik deui Nu bihari nu kamari Ngaliwat pating jorelat Unggal menit ngaliwat Mangkaning hirup di dunnya Seueur pisan pangbibita Kanikmatan panca indra Meh henteu aya seepna Rarasaan bakal lami Di dunnya asa abadi Ngayun nafsu siang wengi Nganter kahayang jasmani Waktu teh kapan bagilir Aya awal aya akhir Aya kamari aya kiwsri Jeng aya baring supagi Kapan waktu tepung gelang Aya peting aya beurang Boa waktu ukur mubah Panjang umur ge peurcumah Kacida pisan rugina Mun waktu beak teu guna Waktu ukur di hahambur Terang terang beak umur Waktu teh kedah manfaat Manfaat dunnya akherat Di anggo amal ibadah Sangkan hirup ulah gaplah. Mugia urang tiasa ngagunakeun waktu dina sesa umur urang sa sae saena..aaaamiin Mugi manfaat.