HARUS LEBIH PINTAR DARI ORANG PINTAR DAN HARUS LEBIH NORMAL DARI PARANORMAL
Jumat, 09 November 2018
DEMI WAKTU
Supados sehat rohani
Kacida rugina jalma anu henteu bisa ngamanfaatkeun waktu.
Dicandak tina alqur' an surat Al ASHR.kieu unggelna dina nadomna
Dangukeuneun para wargi
Nadoman surat wal ashri
Demi waktu demi wanci
Kitu pidawuh Nu Suci
Waktu teh kalintang penting
Waktu ti beurang ti peuting
Waktu teh gancang ngaliwat
Sakilat geus ngabelesat
Waktu tara balik deui
Nu bihari nu kamari
Ngaliwat pating jorelat
Unggal menit ngaliwat
Mangkaning hirup di dunnya
Seueur pisan pangbibita
Kanikmatan panca indra
Meh henteu aya seepna
Rarasaan bakal lami
Di dunnya asa abadi
Ngayun nafsu siang wengi
Nganter kahayang jasmani
Waktu teh kapan bagilir
Aya awal aya akhir
Aya kamari aya kiwsri
Jeng aya baring supagi
Kapan waktu tepung gelang
Aya peting aya beurang
Boa waktu ukur mubah
Panjang umur ge peurcumah
Kacida pisan rugina
Mun waktu beak teu guna
Waktu ukur di hahambur
Terang terang beak umur
Waktu teh kedah manfaat
Manfaat dunnya akherat
Di anggo amal ibadah
Sangkan hirup ulah gaplah.
Mugia urang tiasa ngagunakeun waktu dina sesa umur urang sa sae saena..aaaamiin
Mugi manfaat.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar